Rabu, 21 April 2010

sajak sunda

I
Gerem

Sanajan dibekem
Masih bisa ngagerem

Gerem leuwih rosa
Batan heurasna carita

Sanajan ditemprang
ditengkas
kuda-kuda istiqomah
nanceb
dipaseuk alif mim kalimah syahadah
nu dijiadkeun kana embun-embunan
mangsa waruga, anyar
pinanggih jeung alam pawayangan

kakawasaan bisa nandasa raga
ngakaya jiwa
tapi mo bisa ngagunasika pikiran mardika:
rohna ngalalana, nyusupkeun
geter –geter sungapan kamanusaan
kana
unggal sungsum
unggal renghapan

hiji ditandasa
mangyuta ganti
antri
ngeupeul peureup nembang durma
nyingraykeun kapetengan

II
Sataun Jeprut

Sora bedil lodong nu ngabeledag neumbag jajantung
muncratkeun
daki-daki kalaipan
ngabudahkeun cimata mendet
ngabanjiran diri
tilelep — laput
ka tungtung buuk

aleu-aleu sora walilat
kawas ngaléléwé:

unggal lebaran
cimata deui
cimata deui

ti lebaran ka lebaran
nyolédat deui
nyolédat deui

kertas kapitrahan
nu diilo dibulak-balik salila ied
belewuk pinuh kokotor

lapar puasa
ditambah ibadah (nu belang betong)
teu ngabual
hutang dosa sataun jeput

sataun deui
jeprut!

III

Sajak Bangkarak

Sajak pondok - Sajak nyogok
Sajak panjang- Sajak nyugak
Mun teu nyogok - Mun teu nyugak
Sajak ukur bangkarak

IV

Rumasa

Naon hartina kula
Nyusun kalimah taya kabisa
padahal Alloh, nyipta
dunya katut eusina
ukur ngucap:
kun fayakun

V
Era

Neangan diri sorangan
patepung
jeung lalampahan
luar leor
teu uyahan

VI

Lus Les

roh nu ditiupkeun
kana raga nu pinasti mapagkeun pati
kawas kalangkang wayang
dina layar belewuk
katebak angin
lus les
lus les

VII

Ulang Taun

Poe ngagilinding
nyipuh buuk pulas kulawu
meotan kulit - ngaregas tulang

VIII

Huis

Basa ukur hiji dua
sok pareng dicabutan
Basa beuki ngalobaan
Umur teu bisa dibohongan

IX

Poho

paris
maragatkeun kasadaran:
poe teh, kawas
laut tanpa tungtung
tempat pamayang balayar tanpa tujuan
poho ka pangbalikan

X

Alhamdulillah - alhamdulillah?

rambut ditutup rapet
ku jilbab
acuk nyitak
bujal ngajorelat - aya nu ngajepat
alhamdulillah
alhamdulillah?

XI

Boa - Boa

Kuhoyong sajadah
janten “alketip ngapung”
jajap waruga
deuheus Salira
ka Sidratul Muntaha

Raga madep Kabah - Baetullah

Kalimah takbir di ucap
babacaan dilenyepan
maca ayat ditarikkeun - ditutup ku aweh salam
tapi,
emutan
angger ngalalana
kamamana-kamamana

Gusti,
Rakaat demi rakaat
nu diadegkeun
to’at dawuh Isro Miraj
boa - boa
ngan saukur, dianggap
olah raga
ku Salira
boa-boa
boa-boa

XII

CIKARACAK

Cikaracak ngarakacak
leuweung dibukbak
huluwotan ngoletrak
caina teu ngeclak
kampung burak
rahayat ngoceak
para kglomerat: curak-curak
sila andekak

Naha kudu nungguan rahayat barontak
lamun cikaracak caina hayang ngeclak, atawa:
kudu aya tangkurak dekok
dibeletak batu cikaracak
nu lawas teu manggih
tiisna keclak cai :
cikaracak

Lamun rahayat ngoceak
Cikaracak ngarakacak
pamingpin milu andekak
naha urang ge cukup calawak

0 Comments:

Post a Comment



Flag Counter